Wilujeng sumping di Blog SMPN 1 Ciniru sebagai ajang silaturahmi sekolah mengharapkan komen dan srannya serta jhoin this site

Senin, 17 Oktober 2011

SEKENARIO CALUNG BARUDAK SMPN 1 CINIRU

SKENARIO
SENI CALUNG PAKETROK
SMP NEGERI 1 CINIRU

Nama-nama pemain :
1.                  Mang Tresna      : Calung ka 1 (dalang)
2.                   Mang Ardi           : Calung ka 2
3.                   Mang Agus         : Calung ka 3
4.                   Mang Vega         : Calung ka 4
5.                   Mang Niko          : Tukang kecrek
Para pamaen calung naek ka panggung akur jeung urutan nomor dibarengan ku takolan tatalu.
Beres tatalu, para pamaen ngajajar nyanghareup ka penonton, anu jadi patokan, dalang aya di Beulah katuhu. Mere hormat anu rampak diteruskeun kana lagu nepangkeun.

Mang Tresna (dalang) ngabsen anggotana hiji-hiji : “mang Ardi aya?” (dijawab “aya” bari kahareup  dibarengan ku gendang) jeung saterusna nepi ka tukang kecrek. Diteruskeun sasadu papalaku :
“Kasugri para wargi, wilujeng patepang sareng sim kuring saparakanca ti rombongan seni calung PAKETROK SMP NEGERI 1 CINIRU. Sateuacanna nuhunkeun dihapunten tina sagala kakirangan bilih aya paketrok takolna silung haleuangna bubuhan nuju diajar.”

Mang Ardi           : “Oge ti emang mah bade ngahaturkeun nuhun kasadayana anu parantos kersa rurumpaheun nyaksenan acara pentas seni, mugia urang sadaya tetep aya dina panangtayungan Gusti Nu Maha Suci.”

Mang Agus         : “Wilujeng patepang sareng mang Agus nu pangkasepna, kalayan pinuh kabingahan rehna sadayana parantos ngiring ngarojong ngadeudeul  dina acara ieu. Mudah-mudahan seueur nu bogoheun ka abdi.”

Mang Vega         :  “Emang mah bade ngahaturkeun nuhun ka Bapa/Ibu Guru anu parantos ngatik ngadidik siswa-siswi anu pinuh ku kaihlasan mugia janten amal ibadah kalayan kenging walesan ti Allah SWT. Oge ka sadayana asa piraku teu aya nu nyawer-nyawer acan kacida karoretna.”

Mang Niko          : “ Ari emang mah bade ngadugikeun sirah lieur wae, sakapeung ngalamun.”
Mang Tresna      : “Kunaon Mang Niko sok lieur jeung sok ngalamun?”
Mang Niko          : “Eta tea mikiran bapa kepala sekolah.”
Mang Tresna      : “Kunaon kitu bapa kepala sekola teh?”
Mang Niko          : “Ih…. Siga nu teu nyaho wae, apan bukti kalawan nyata unggal anu jadi bapa kepala sekolah di urang anu datang teh kumisna jembrong deui jembrong  deui,  Komo bapa Kusmana mah ,keur mah pendek, bodo, hideung ongkoh .”
Mang Tresna      : “Ari soal hideung mah teu masalah, babari ngubaranna, sabulan ka Jakarta oge bodas komo mun daek di cet bodas ge beres. Saha wae nu jadi bapa Kepala di urang, nu penting mah niatna hade pikeun ngamajukeun pendidikan di urang, sok urang dukung naon programna Insya Allah lamun urang sadaya tos sabeungkeutan antara kepala+guru-guru sadaya yakin  bakal maju. Mangga urang teraskeun kana hiburan haleuangna lagu ……………Mobil Butut…………………………………………………………………. Wilujeng ngadangukeun.”

Mang Tresna      : “urang kungsi diajar PBB (Pelajaran Baris Berbaris) ayeuna rek di tes.” Dalang jadi pamingpin pasukan mere aba-aba siap , istirahat di tempat, hormat (pasukan ngalaksanakeun pinuh disiplin, sigap tur kompak). Aba-aba saterusna “lima langkah samping kiri jalan!” (pasukan ngalaksanakeun parentah anu ngakibatkeun tukang kecrek mah ti guling sabab aya pangsisina. Tukang kecrek usul menta pindah ka sisi beuelah katuhu. Dalang mere deui aba-aba) “ lima langkah samping kanan jalan!” (Tukang kecrek mah tiguling deui terus usul menta di tengah tapi dihareup. Dalang mere aba-aba deui) “lima langkah ke depan jalan!” (tukang kecrek mah tiguling deui).

Mang tresna      : “Ayeuna rek di tes mata pelajaran Matematika saurang-saurang. Coba Mang Ardi ka payun 3 x 3 sabaraha?”
Mang Ardi           : “Gampanng nu kitu mah 9.”
Mang Tresna      : “Cobi Mang Agus ka payun. 4 x 4 sabaraha?”
Mang Agus         : “Kecil soal eta mah 16.”
Mang Tresna      : “Cobi Mang Vega ka payun. 5 x 5 sabaraha?
Mang Vega         : “Babari atuh 25.”
Mang Tresna      : “Coba Mang Niko anu kasep buleud, gendut anu siga gelebeg kurupuk ka payun?”
Mang Niko          : “ Mangga, sok soal nu kumaha wae keeeecil.”
Mang Tresna      : “Ayeuna bagean Mang Niko, nu sanes mah tos ngajawab bari balener. Cing 2.324 x 4.769 sabara?
Mang Niko (ngahuleng)                : “Naha atuh ari ka  batur mah babari, ari ka urang mani hese, sing guru matematik ge moal bisaeun. Sigana ka urang mah sentiment.” (bari baeud siga nu keuheul).
Mang Tresna      : “Berarti mang Niko mah teu bisaeun, keputusan tidak lulus. Ayeuna bagean Mata pelajaran Bahasa Sunda, cobi mang Ardi ka payun, ari sakit bahasa sundana naon?”
Mang Ardi           : “Gering.”
Mang Tresna      : “Cobi Mang Agus ka payun, ari makan bahasa sundana naon?”
Mang Agus         : “dahar.”
Mang Tresna      : “Cobi Mang Vega ka payun, ari hilang bahasa sundana naon?”
Mang Vega         : “Leungit.”
Mang Tresna      : “Ayeuna bagean Mang Niko ka payun?”
Mang Niko          : “Geura ka urang mah nu bangga.”
Mang Tresna      : “moal bangga pasti babari, piraku urang Sunda teu bisa Basa Sunda. Cing ari apa basa Sundana naon?”
Mang Niko          : “Naon.”
Mang Tresna      : “Kalah ka nanya deui, ari apa basa Sundana naon?”
Mang Niko          : “Naon.”
Mang Tresna      : “Wah cilaka ditanya nanya deui, rek diganti soalna, ari tidak kedengaran basa sundana naon?”
Mang Niko          : “Teu kadenge”
Mang Tresna      : “Wah ceulina kudu dirorek ieu mah, sakitu tarik oge teu kadenge keneh bae.”
Mang Niko          : “Urang mah serba salah, kajeunnana Bahasa Inggrisna.”
Mang Tresna      : “Bisa kitu Basa Inggris?”
Mang Niko          : “Kecil Basa Inggris mah, yeuh di Inggris mah budak laleutik  geus palinter Basa Inggris.”
Mang Tresna      : “Nya meureun, tapi moal bisaeun Basa Sunda mah, coba rek di tes, ari anjing basa Inggrisna naon?”
Mang Niko          : “Dog.”
Mang Tresna      : “Anjing-anjing?”
Mang Niko          : “Dog-dog.” 
Mang Tresna      : “Tempat diuk?”
Mang Niko          : “Jojodog.”
Mang Tresna      : “Cicing wae?”
Mang Niko          : “Ngajedog.”
Mang Tresna      : “Lamun pa Kusmana  umbak –ambek?”
Mang Niko          : “Baledog.”
Mang Tresna      : “Tah Bapak upami umbak-ambek wae bade di baledog ku Mang Niko, kajeun teuing barayana ieuh, abdi mah teu tanggung jawab. Geuning waktos teh teu karaos, dugi kadieu wae masih seueur acara nu sanes, mangga wilujeng kantun premios.”

Para pamaen mere hormat terus kaluar ti panggung dibarengan ku takolan calung panutup.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Ditunggu comentnya..khusus buat para alumni dan buat semuanya