Assalamu'alaikum wr. wb
Hadirin anu dimulyakeun, para tamu /rombongan anu
jajap panganten pameget anu dipihormat!
Alhamdulillah kalayan rahmat Allah anu Agung
urang sadaya parantos tiasa riung mungpulung, anging takdir ti Ilahi, urang
tiasa silaturahmi dina ieu wanci anu mustari, pangersa Allah anu maha Kawasa,
tepang rasa, tepang basa, sareng kanca mitra sadaya.
Teu aya sanes anu janten cukang lantaran, ku
tepungna tantung, pacangreudna deudeuh, patalina asih, tug dugika jatukramina
laki rabi tuang putra Nyi Iteung ka pun anak Kabayan anu kalayan takdir Ilahi
parantos waluya bagja rahayu anu dituju, tinekanan diwalimahan dina
dinten ieu Senin, 1 Juli 2010.
Hadirin anu mulya, para tamu rombongan panganten,
utamina sepuh panganten pameget! Langkung ti payun seja sanduk-sanduk, mugia
agung cukup lumur, jembar hapunten anu kasuhun rehing dina tata titi, duduga
peryoga, tata cara kumaha kedahna nampi tamu, estu tumamu, tebih tina nyumponan
kautamian, estuning walurat pisan. Hapunten sanes henteu ngutami, atanapi
kirang hormat, namung nya sakieu kabuktosannana anu kadada kaduga. Ari karep
mah hoyong nyugemakan, namung pakeun anu henteu tiasa dipinding-pinding, estu
nya sakieu kabuktosanana.Para hadirin anu mulya, rombongan panganten
pameget, kalih sepuh panganten pameget sarimbit!