Panganteur
Longser DURIAT BEJAD
TEU pati loba, grup atawa kelompok
Téater nu konsistén ngagarap naskah-naskah basa Sunda, boh dina winangun Téater
Modern, Longsér, Sandiwara Sunda, jeung séjén-séjén deui. Komo deui anu
ngalibetkeun generasi ngora mah, kawasna masih kaitung langka. Ku ayana kitu,
kacida perelu diajénan tarékah Téater Sunda Kiwari (TSK) anu nepi ka kiwari
masih rutin ngayakeun Féstival Drama Sunda (FDBS), unggal dua taun sakali.
Saperti anu digelar taun 2008, Féstival Drama Sunda diiluan ku 71
patandang. Puguh baé leuwih undak batan FDBS taun 2006 (diiluan ku 53
patandang) atawa atun 2004 (diiluan ku 40 patandang).
Lain baé jumlah patandangna anu
undak téh, da kualitas pagelaranana ogé milu undak. Hartina, lain saukur hayang
méjéng dina panggung, da kaciri ladang tina prosés anu daria, inopatip,
reumbeuy ku kréativitas, tur réa impropisasi anu calakan. Sajabana ti kitu téh,
dibarengan ku ngagedurna sumanget “getih ngora”. Kalintang loyogna Téater Sunda
Kiwari dilélér sertifikat ti MURI (Musieum Rékor Indonésia) anu ka 3070,
minangka pangajen kana kagiatan Festival Drama Basa Sunda (FDBS) nu diayakeun 20
poé noron, ti tanggal 11 Februari-1 Maret 2008. Nurutkeun Paulus Pangka,
Manajer MURI, kagiatan FDBS minangka festival drama basa daerah sa-Indonesia
panglilana, malah saalam dunya.
Nilik kana antusias generasi ngora
kana Pintonan nu ngagunakeun Basa Sunda, aya saenyay harepan pikeun
kalumangsungan pintonan Basa Sunda sacara umum. Teu perelu madungdengkeun wanda
pintonanna dingaranan naon jeung bungkeuleukanana siga kumaha. Nu penting mah
naon rupa nu pintonan nu ngagunakeun Basa Sunda, sakurang-kurangna geus bisa
némbongkeun mun yén lalampahan Basa Sunda téh katingalina panjang kénéh.
Rupaning rarancang pikeun
ngamumulé Seni Sunda atawa ngalahirkeun ré-generasi dina seni Sunda, mémang
mindeng pisan diayakeun. Didiskusikeun, diseminarkeun, diupadungdengkeun, méh
taya anggeusna. Hanjakalna, kalolobaanna mah tara dibarengan jeung prak-na.
Barang diskusi atawa seminar bubar, nya programna ogé miluan bubar. Padahal
nyéboran sirung-sirung anyar téh kalintang pentingna. Komo deui dina mangsa
globalisasi cara kiwari, jati kasilih ku junti téh teu pamohalan bakal
kajadian, upama taya tarékah nu nyata.
Teu kudu lahuta heula saheulaanan
mah, nu penting mah kumaha carana ngahudang rasa kataji atawa kareueus
para nonoman Sunda kana kabudayaan sorangan. Nya diantarana ngawanohkeun
pintonan ku Basa Sunda di sakola-sakola atawa di paguron luhur. Sugan jeung
sugan, ku jalan mindeng nga-afrésiasi pintonan Basa Sunda, antukna jadi kataji
tur reueus (deui) ngagunakeun basa Sunda dina pakumbuhan hirup sapopoé.
Para nonoman ogé kudu dibéré
kalaluasaan pikeun ngagunakeun basa Sunda anu demokratis, henteu diusengker ku
aturan itu-ieu, henteu dibeungbeuratan ku tumpukan undak-usuk. Keun baé ngagunakeun basa Sunda
saayana, sanajan henteu “nyunda”, batan henteu pisan. Mémang jalma-jalma
nu arogan
jeung nganggap basa Sunda maranéhna pangbenerna, bakal nganggap ieu tarékah
minangka awal tina ruksakna basa Sunda. Tapi ngarah generasi ngora kataji ku
basa Sunda, diperlukeun hiji proses, jeung tangtuna kudu leuwih ngarti kana dunya
para nonoman.
Mémang ngahirupkeun deui sumanget
seni tradisi mah henteu cukup ku ngayakeun seminar atawa wangkongan séjénna,
sanajan ngawangkong ogé puguh baé penting. Héabna budaya deungeun anu ngakar di
Pasundan, geus ngalantarankeun ajén seni tradisi Sunda méh kasingkirkeun.
Padahal kacanggihan teknologi, lain hiji alesan pikeun leungitna jati diri Ki
Sunda. Malah ku ayana hal éta, ajén seni tradisi Sunda bisa leuwih weweg tur
nanjeur kalayan mekar dina ngolah wanda kréasina. Sabab kasenian rayat Sunda
bisa makalangan saluyu jeung kamajuan jaman. Nya contona mah kasenian
longsér nepi ka kiwari, tétéla masih kénéh dipikaresep.
Saulas
“Duriat Bejad”
Dunya beuki kolot. Globalisasi,
emansipasi, Modernisasi geus mawa kahirupan ka nu leuwih maju. Hanjakalna
sagala rupa anu datangna ti barat kurang disaring kalayan daria. Budaya anu teu
cocog jeung adat katimuran geus nerekab tur ngakar ka masarakat Sunda. Jati
Kasilih Ku Junti bisa baé lain saukur babasan. Tapi bisa kanyataan. Lamun geus
kitu, tinangtu bakal kaleungitan ajén jati diri anu sayakti. Moal boga
tatapakan pikeun ngalengkah. Bangsa anu rohaka, nyaéta bangsa anu miara tur
ngalestarikeun budayana sorangan.
“Duriat Bejad” ukur nginjeum judul anu realis, da
eusina mah henteu béak dipaké nyaritakeun ‘duriat’. Kuwu Éon kabungbulengan ku
Néng Susi. Hanjakalna Néng Susi kakara kawin ka Jang Isud. Tapi sanajan kitu,
kuwu Éon tetep merekedeweng, malah ngucurkeun dana ka tilu urang usung-ésangna
(Sarmud, Ukro, jeung Sarkowi) pikeun nyulik Néng Susi. Salian ti éta, Kuwu Éon
ogé nitah nyéwa pasukan démontrasi sangkan pamaksudanana bisa tinekanan, bisi
aya nu ngahalang-halang.
Sanggeus Néng Susi diculik, sobat-sobat salakina
ngumpulkeun massa pikeun nyieun ngadémo Kuwu Eon. Dina paméntana, sajabana ménta
dibébaskeun Néng Susi, nu démo téh nitah Kuwu Éon turun tina jabatan kuwu. Kuwu
Éon sabenerna keur nyanghareupan hiji perkara anu kacida beuratna. Sabab
pamajikanana boga kahayang nu lain-lain tur kalintang bejadna. Tapi kangaranan
longsér, tangtu baé tara leupas tina banyol jeung gogonjakan.
Pamungkasna, ieu naskah longsér anu dipidangkeun dina
buku, mugia baé aya mangpaatna. Sabab salila ieu, lain sakali-dua kali para
nonoman anu ngarasa bingung maluruh naskah longsér. Aya éta ogé anu ngahajakeun
sumping ku rorompok, rék ménta naskah longsér pikeun digarap tur dipagelarkeun.
Aya ogé anu ngaliwatan e-mail. Ku kituna, ieu naskah longsér téh geus kungsi
dipagelarkeun ku sababaraha grup téater. Anu masih kénéh émut téh diantarana
kungsi dipidangkeun ku Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka di Landmark Convention
Hall, Jl. Braga 129 Bandung jeung di STSI (Sekolah Tinggi Seni Indonésia)
Bandung, dina acara Parade Longsér 2001 jeung di Landmark Convention Hall, Jl.
Braga 129, Bandung, dina acara Pameran Buku Bandung 2001. Jadi, Kanggo
pakumpulan kasenian atawa sanggar seni anu badé ngagarap ieu naskah, sumangga
diwidian, kalebet ngawidian bilih badé dirévisi atanapi diluyukeun ku
sutradarana. Simkuring moal nuhunkeun honor, nanging panuhun henteu ngicalkeun
nami pangarangna. Hatur nuhun.
Pamungkasna,
moal weléh kapopohokeun, hatur nuhun pisan ka sobat-sobat kuring nu sacara
iklas kungsi ngarojong pagelaran ieu longsér. Daria nyorang prosés tug nepi ka
digelarna ieu longsér DURIAT BEJAD. Moal, moal poho… kalayan dina kaayaan
“koréh-koréh cok”, urang tetep sumanget ngagarap longsér, hayang milu ngamumulé
kasenian Sunda. Tong boro ngahasilkeun, apan saréréa ogé kalah boborot
ngaluarkeun duit séwang-séwangan, papatungan, pikeun ngawujudna ieu pagelaran.
Kuring sorangan, harita, nepi ka ngagadékeun motor awahing ku hayang
ngawaragadan ieu pagelaran. Mangsa latihan, cikopi sagelas ku limaan, udud
sabungkus ku sapuluh urang, jeung réa-réa deui pait peuheur nu kaalaman ku
urang. Tong hariwang, perjuangan jeung pangorbanan urang, pasti bakal kapetik
hasilna dina hiji mangsa
Anu
jadi pamaén dina longsér DURIAT BEJAD harita téh, diantarana: Sanny Ferryanny
(l. Bandung, 19 September 1984), Dody Otong (l. Bandung, 7 Juli 1978), Mia
Ocktavia (l. Bandung, 23 Oktober 1982), Yunar Festovik (l. Bandung, 11
Maret 1981), Hendrayana Sumpena (l. Bandung, 5 Maret 1983), Bambang H (l.
Bandung, 5 Mei 1981), Riyanti Rachmat (l. Sumedang, 10 Januari
1983), Intan Riesna Yuswana (l. Ciamis), Adji Pandji (l.Bandung, 22
November 1980), Kurnia Akew, Syaeful Rahman (l. Jakarta, 4 Januari 1979),
Winda Windiana, Ela, Hanny, Mega, Ade Gelar, Novi Legistina, Adin Windiana, Den
Frank, Didin-Deden, Novi, Andi RS, emh… saha deui nya? Duh… hampura bisi aya nu
henteu katulis.
Sajabana ti pamaén, kuring ogé
kacida nganuhunkeunana ka nu geus ngagarap musikna, nyaéta Kang Dodi Satya
Ekagustdiman, Iwa Pranawa, jeung réngrénganana. Pon kitu deui ka nu nyumbang
tari, nyaéta Melly Marwaty (l. Ciamis, 10 Februari 1981), jeung Dian
Kharismasary. Anu teu kurang pentingna ngarojong, Dadan Sutisna, kungsi ngebon
pamaen jeung kungsi milu latihan di lemburna, jaba sok ngaliput pagelaranana
kalayan dimuat dina Majalah Manglé. Kalebet Ceu Holisoh ME, nu kantos
ngaresensi pagelaran DURIAT BEJAD di Koran Mandiri. Atuh teu kakantun, ka Mamah
(Ibu Juju Tatang Suryana), anu bumina sok dianggo latihan, tangtos kagandéngan.
Kuring saparakanca sering pisan ngaririweuh mamah, di Kompleks Bumi
Panyileukan, Blok. A.2 No. 14, Bandung. Husus kuring, sajabana ti sok ngaririweuh
ngiring latihan téh, sok sakantenan ngiring… neda deuih. Harita, kuring mémang
sok idek-liher di bumi mamah, geus dianggap bagéan ti kulawarga mamah.
Kamarana atuh ayeuna sobat-sobat
téh? Nu kasusud laratanna ukur sababaraha urang. Aji Panji (ayeuna geus kawin
ka Hanny, kalayan digawé di PT. Inti, tur jadi Juragan Kost di Cipadung), Iwa
Pranawa jeung Yunar Festovik (ayeuna ngaguruan di Cianjur), Dody Otong (ayeuna
jadi praktisi kabarét), Kurnia Akew (ayeuna keur nganggeuskeun kuliah di
Jurusan Jurnalistik UIN SGD), Adin Windiana (Ayeuna jadi pulisi kriminal,
mancén di Cianjur), Mia Ocktavia (ayeuna jadi penyiar di Radio Dahlia FM),
Didin atawa Dédén (ayeuna jadi presenter di Bandung TV), Andi RS (ayeuna jadi
crew film di Jakarta), Intan Riesna Yuswana (kungsi kontak dina telepon
sawatara waktu kaliwat. Cenah mah ayeuna digawé di Jakarta), Syaeful, Sanny,
Mega, Bambang, Novi Leigistina, (masih sok manggihan di Panyileukan). Nu
séjénna mah duka, asa geus heubeul pisan teu aya laratanna.
Pokona mah hatur nuhun ka sadayana. Mugia Alloh
SWT ngaganjar ku kasaéan anu langkung munel. Dimana waé ayeuna ngarancik, mugia
salawasna aya dina panangtayungan Alloh SWT, Amiiin. Atuh anu tos tipayun
ngantunkeun urang, sobat urang nu dipicinta, nu suksés merankeun tokoh Mang
Amanta dina longsér NASKAH PROKLAMASI, nyatana IMAN ARI FEBRUARY (14 Februari
1976- 6 September 2001), mugia sing diperenahkeun di tempat mulya mungguhing
Alloh SWT, AmiiinLebih lengkapnya anda bisa lihat naskah lainnya disini dan disini
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Ditunggu comentnya..khusus buat para alumni dan buat semuanya